Selasa, 22 September 2015

conto sajak sunda tema Dosa

DOSA
 Eva Aprilia
Nimat dunia nu teu karasa
Iman nu nangtukeunana
Hideung bodas coretan dunia
Ngabdikeun diri di jalan setan
Dunia abadi di jieun lalampahan
Mangpirang-pirang rumaja
 Ting belesat ngawang-ngawang
Ngarudag fatamorgana
Kalap ku dunia
Teu inget kana dosa

Hiji mangsa..
Nepi di tungtung carita
Rumaja nu nyiluman di dunia
Pating jarerit cilaka ku polah sorangan
Ting koleang narincak leutak naraka
Kawali,23 September 2015

Tidak ada komentar:

Posting Komentar